Cerita Sunda Papah Pingsan

Cerita Sunda Papah Pingsan

Mamah : "Pah kunaon meni rurusuhan"
Papah : "Aya meeting di kantor papah, bilih kasiangan" (siged dangdan na)

Mamah : "Ieu moal di aos heula korana pah..?"
Papah : "Moal mah, di kantor ge da aya"

Mamah : "Dupi ieu kopina moal di eueut heula pah ...?"
Papah : "Moal di kantor ge da aya kopi mah ..."

Mamah : "Ieu atuh roti tuang heula pah "
Papah : "Moal ah di kantor ge aya jatah sarapan"

Mamah : "Oh, ari mamah moal di cium heula pah.. ?"
Papah : "Moal ah di kantor ge da aya ...." Upss ! (kceplosan)

"Belentraaang ...!! Geplakkkkk ... Bleduggg ...!!"

Piring, gelas, katut hihid ... kana tarang ...

Gubraaaaggg ... Si papah pingsan teu tulus ngantor ...!

#CeritaLucu #BahasaSunda

Lazada Malaysia

Subscribe to receive free email updates: